APUN GENCAY –
DARI CERITA PENDEK KE KARYA PANGGUNG
Catatan kecil oleh Wawan Setiawan Husin
Apun Gencay dimainkan oleh Hana Rosiana di Gedung AULA UPI Bandung (2016)
Apun
Gencay, pada awalnya adalah cerita pendek (cerpen) berjudul sama, “Apun
Gencay”, ditulis oleh Yus Rusyana tahun 1963. Pada saat itu, penulis masih
mahasiswa IKIP Bandung, kini di tahun 2016, telah menjai Professor emeritus di
UPI Bandung. Cerpen tersebut terbit dalamn kumpulan “Jajatén Ninggang
Papastén”. Pada tahun 1989, memperoleh Hadiah Rancage dari Ayip Rosidi. Tokoh
utamanya adalah Apun Gencay, kembang Desa Cikembar, Cianjur. Setting cerita,
diambil pada saat Bupati Cianjur Wiratanu II, yang memerintah pada sekitar
dekade kedua-ketiga abad 18 (Preanger Stelsel) (Budi Rahayu Tamsah). Dalam
wawancara pendek dengan penulis (Prof. Dr. Yus Rusyana – 7 Oktober 2016)
tersimpulkan bahwa Apun Gencay adalah fiksi
dengan latar belakang sejarah sebagaimana termaktub dalam “Babad Cianjur”. Naskah cerpen sepanjang kira-kira delapan halaman kwarto
spasi satu setengah. Kemudian saya sebagai sutradara
mengkomposisikan cerpen Apun Gencay menjadi tiga bagian besar.
SYNOPSIS KARYA
PANGGUNG “APUN GENCAY”
Apun
Gencay mencintai seorang poemuda asal Cipamingkis. Keduanya berjanji untuk
membangun mahligai keluarga. Cinta keduanya tidak berhasil diteruskan menjadi
jenjang keluarga. Apun dilamar oleh Dalem (Bupati) saat itu. Titah Dalem adalah
instruksi alias perintah. Ayah Apun menerima lamaran trsebut dan Apun repaksa
mau dinikahi Dalem. Kemudian, dibawa ke kaputren/ kadaleman, akan dinikahi,
dibawa dengan menggunakan jampana. Ciri bahwa yang dibawa dengan jampana
(sejenis tandu kebesaran, dengan cungkup diatasnya).
Di
dalam jampana inilah tokoh utama berdialog dengan dirinya sendiri, akan
keterpaksaan, cinta dengan sang pemuda, kampong masa panen, lamaran setelah
panen. Suasana kampung menjadi sedemikian puitis dan romantic.
Babak
kedua bersetting padaleman, lewat Indung Rompes (Tetua Padaelamn), Apun
mengenal kecantikan tubuhnya seendiri. Pujian indung rompes menjadi revelasi
betapa cantiknya Apun, betapa cintanya Dalem terhadapnya. Dalem yang telah
memiliki garwa padmi (isteri utama), perempuan cantik dari Batuwangi. Raden
Ayu, yang berasal dari Sukapura. Apun, yang dipanggil Nyimas oléh Indung
Rompés, tergugah hatinya dan – sebagai perempuan – tertantang untuk bersaing
dengan Raden Ayu. Adegan berikutnya adalah tentang kisah percintaan yang amat
purba dan menawan dari dua insane.
Babak
ketiga, atau babak akhir menggambarkan
ruang luas, sepertinya di sekitar balairung, atau ruang tengah padaleman.
Pastinya tidak di dalam ruang tidur. Pada saat itu, Dalem telah wafat, terbunuh
oleh seseorang. Dialah pemuda Cipamingkis, cinta Apun yang pertama. Kesedihan,
kekalutan, pertanyaan-pertanyaan eksistensial tetang kehidupan, kekecewaan,
ketakberdayaan dan meledak dalam diri Apun. Saya kira ini persoalan yang abadi,
yang merupakan representasi pengarang Cerpen Apun untuk bertanya kepada kita.
Pembaca Cerpen, ataupun pamiarsa pertunjukan 50 menit Apun Gencay. Bisa disimak
sejumput kalimat ini:
…”Aranjeunna
mah geus puguh lalakonna, di dunya mah geus punah geus lekasan. Tinggal aing
sorangan. Naha masih kénéh aya anu kudu dirandapan ku aing? Naon deui? Sabab,
ayeuna mah aing geus teu boga kapanasaran nanaon, geus taya dagoaneun. Naha
pantes jalma anu geus kaleungitan udagan masih kumelendang di pawenangan? Atawa
naha aya udagan anyar burueun aing? Naha aya kénéh sambungan lalakon aing,
sanggeus tamat anu ieu? Naha lalakon saterusna téh ukur dieusian ku
kaprihatinan?
…
Hayang teuing pinanggih jeung harepan sajati, anu tan kenang muguran. Éta mah
mung aya di Anjeun, duh Gusti!”
…”Mereka
berdua (Pemuda Cipamingkis dan Dalem sebagai suami Apun) sudah jelas jalan
hidupnya, di dunia telah berakhir dan berakhir. Tinggal diriku sendiri. Adakah
yang masih aku harus alami? Apa lagi? Sebab, kini aku tak lagi memiliki
kepenasaran apapun, sudah tak ada lagi yang mesti kutunggu.
Apakah
pantas manusia yang telah kehilangan harapan, kehilangan tujuan, tetap sahaja
hidup di dunia ? Atau apakah ada harapan lainnya yang bisa aku buru dan raih,
setelah tamat lelakon yang satu ini? Apakah lelakon seterusnya hanya diisi oleh
keprihatinan?
…
Betapa ingin bertemu dengan harapan sejati, yang kekal dan kelopaknya takkan
berguguran. Dan semua hanya ada di dalam Engkau, ya Allah!”
CARA PANDANG
SIM KURING NGABAGI PLOT NASKAH
BABAK KA HJI:
ADEGAN 1.
JAMPANA MIDANG – JAMPANA MELANG
Teu
kungsi papanggih heula urang téh, Akang. Éta anu matak sumoréang nambahan
lewang. Tah, hayam mani raong kongkorongok! Kapan kitu unggal subuh ogé, hayam
raong kongkorongok, ngageuingkeun urang lembur. Awéwé ngarélék dulang ka cai,
ti dinya kadéngé cékcok-céwoh anu arék ka haruma. Kapan dina handapeun tangkal
juar di tetelar Akang mindeng megat. Ayeuna mah éta téh hamo kaalaman deui.
Najan hayam raong kongkorongok, tapi abdi mah moal ngalaman deui ngadon ngoyok
di tampian. Najan cékcok nu ka huma, urang moal tepung deui dina handapeun juar
di tetelar.
Ayeuna
geus bray-brayan, abdi mah geus jauh ninggalkeun lembur. Aduh pileuleuyan,
Cikembar! Di sapaparat nu kaliwatan, réa kénéh anu tingrariung siduru dina
durukan. Moal henteu bari ngawarangkong, mun lain baradami rék moro uncal ka
leuweung, meureun bujang-bujangna badami ka mana engké peuting mun salsé ti
pagawéan. Kapan Akang ogé tara bosen ka Cikembar, pagar gorék-gorék manuk
tuweuw, disada dina taweuran.
Tuh,
barudak tingraringeuh carengkat tina durukan, héraneun da aya téténjoan nu
arang langka. Aya jampana, aya jampana, cék barudak silihbéjaan pada baturna.
Barudak téh malencrong nénjo ka nu dina jampana. Meureun nanya, éta téh saha,
naha arék ka mana? Tapi barang rét ka nu ngagidig leumpang di hareup, barudak
téh kawas nu sieuneun, undur-unduran, tuluy nyalingker tukangeun awéwé nu keur
nyusuan. Lalaki-lalaki, bujang-bujang, katémbong bangun nu bengong. Meureun
panasaraneun, saha Ă©tah lanjang nu diuk dina jampana? Teu nyahoeun, teu
nyangkaeun, kapan ieu téh urang Cikembar, ongkoh mah sok dihalelaran. Mun Akang
aya, piraku Akang mah samar, da kapan geus bray-brayan, keur poék gé kapan
Akang tara ieuh kalinglap.
Ayeuna
mah bet karasa waasna, mun abdi keur nyeuseuhan di tampian, barudak bujang sok
harahaleuangan.
Horéng
ti harita Akang mah, nya. Akang kungsi pundung, pédah dina hiji poé abdi
némbalan panggonjak batur, ah moal disebut ngaran nu ngagonjakna, da Akang mah
mani siga nu ngéwa kana ngaranna gé, nya. Atuh da sugan téh Akang moal miharep
ka urang Cikembar, kapan di Cipamingkis gé henteu kurang ku nu geulis. Pantes
Akang mah mun geus hahariringan:
ADEGAN 2.
JAMPANA LAYANG
Kajeun
teuing pegat salang
da
boga tambang salambar
kajeun
teuing capé leumpang
da
boga urang Cikembar
Ih,
Akang mah ari kitu téh. Atuh komo baé Akang.
Kembang
wéra jeung gandola
ngaroyom
ka jajalanan
upama
enya rék béla
moal
inggis midunungan
Geuning
mani rikat Akang némbalan, paribasa:
Hampelas
raraga jati
palataran
babaléan
iklas
raga reujeung pati
ngabélaan
kasaéan
Naha
enya Akang, iklas raga reujeung pati?
ADEGAN 3.
JAMPANA KANCANA QUBRA
Ieu
angin mani ngahiur, karasana tiis nebak kana beungeut abdi. Tuh geuning
karémbong gé mani hehelaban. Lain-lain singning ku angin, meureun karémbong mah
ngagupayan baé ka dununganana, piraku Akang lali deui, kapan ieu téh karémbong
ti Akang téa pamahugi. Tapi nu digupayanana mah biheung di mana. Harita téh
geuning Akang ngaharéwos: Apun, naha enya Apun téh daék dipikatineung ku Akang?
Ari Akang, na kedah kumaha deui atuh abdi téh? Ka Akang téh abdi dulang
tinandé, kapan Akang téh panutan abdi. Tuh palih kalér ngajegir Gunung Gedé,
éta téh cicirén katineung abdi ka Akang. Ceuk Akang harita, mun enya kitu mah,
engké tas panén huma, ti Cipamingkis baris datang ka Cikembar.
Meureun
ayeuna téh mimiti panén. Ku waas titingalan di huma, paré umyang konéng,
umpalan katebak angin. Nu dibaruat saruka bungah, garerah da cukul
beubeunangan. Salayan mani ngajajar sakurilingeun saung, tumpukan paré
ngunung-ngunung. Tah meureun Akang téh keur nyalaykeun paré, atawa keur
ngagerét mangkék, da bondot geus gararing. Diwaaskeun Akang diuk dina dingklik,
ngagigirkeun tali jeung taneuh porang, jongjon ngageugeus. Mana teuing sukana
mun abdi pareng ngalalawuhan.
Akang,
naon anu dipasinikeun ku urang téh hamo teuing tinekanan. Najan panén geus
anggeus, najan paré geus dilelep di leuit, urang mo tepung deui Akang, kapan
ieuh abdi ayeuna geus dina jampana, ditanggung ku opatan, dijaga ku kapetengan.
Meureun ceuk Akang, Apun téh bet cidra, Apun téh bet teungteuingeun mani teu
béja teu carita. Naha enya abdi cidra? Tah nya ieu pisan anu matak baluas téh,
inggis diri nyorang cidra kana subaya. Mun kitu téh meureun kana meunang
wawales tunggara salalawasna. Tapi Akang, atuh kudu kumaha?
Waktu
Akang meureun keur jongjon panén di huma, aya piwarangan ti Dalem, sumping ka
Cikembar, maksudna rék ngalamar. Kudu kumaha deui Akang, puguh dipundut ku
ménak? Ku Bapa téh diléahkeun, dimanggakeun. Ti harita hirup abdi téh pinuh ku
kainggis, génjlong nya pipikiran. Aya karep rék kabur ka Cipamingkis, rék
masrahkeun raga nyawa ka Akang. Tapi ras ka nu jadi kolot, meureun tada teuing
matak gareuwahna, terkadang matak jadi balai, kawantu meureun kasebut magak
kana pangersa ménak. Kitu deui kana diri Akang, ngabedol kana cilaka. Taya deui
jalan anu rikip, iwal ti kudu tiwas, sorangan kudu téga kana nyawa. Tapi aré
rék prak maténi diri, ngarengkog réa kapaur.
Akang,
mun Akang bendu, abdi tumamprak, da piraku teu kitu. Ngan mihapé Akang, ulah
nyalahkeun ka kolot abdi, da puguh aya dina lebah teu walakaya, katurug-turug
keur aranjeunna, henteu jadi kasalahan anakna dipundut ku ménak, da kapan
entong boro raga, nyawa gé hamo beunang dikorétkeun saupama ménak ngersakeun.
Saha atuh anu salah? Ah ulah néangan nu salah. Ieu mah meureun geus kulak
canggeum milik abdi, wawales kana rasa
diri. Kapan abdi téh kasebut awéwé geulis, cenah taya dua di Cikembar. Saha
awéwé nu teu agul ku kageulisan, kapicangcam ku para bujang? Tapi manahoréng,
nya kageulisan ieu pisan deuih anu ayeuna jadi hahalang megatkeun pamaksudan.
Atuh Akang, mo beunang dipaké aral, da geus kitu kajadianana. Susuganan abdi
kuat nandangan nu karandapan.
ADEGAN 3.
JAMPANA PANINEUNGAN
Nu
nanggung jampana geus luut-léét késang, kawantu perjalanan bangga. Keur nyorang
leuweung, kadéngé sora sasatoan leuweung, matak nambahan keueung. Di langit anu
lénglang aya heulang gelak-gelik nyorangan. Naha bet ku ngawawaas anu keur
nandang tunggara. Ana nyorang jalan anu taringgul, jampana téh kaancul-ancul,
ngageubig-geubig awak nu teu daya teu upaya.
Barang
nepi ka hiji pasir, reg nu lumampah téh eureun. Jampana gé diécagkeun. Teu
purun gé maksakeun nangtung, itung-itung ngaleungitkeun nu paregel,
singsireumeun urut diuk salila-lila. Téténjoan plung-plong, ngidul, ngalér,
ngulon, ngétan. Ari bréh katémbong aya tanah miring sisi cai, bahé ngétan
ngagaludra ngupuk. Pangangguran ditanyakeun ka nu ngiring, éta téh kawas nagri,
nagri naon? Cék nu ngawalon, kapan éta téh dayeuh, anu nelah Pamoyanan. Kapan
itu pamengkangna, itu deuih masjid mayunan alun-alun, balé bandung itu
kiduleunana. Barang ngadéngé kitu, ujug-ujug asa dipupul bayu, ngadadak kabur
pangacian.
Ti
dinya aleutan téh bring deui, moréntang mudun mapay tempat nu pinuh ku kakaian.
Ras ka diri sorangan sidéngdang dina jampana bugang, keur diri nu nandang
kapanasaran.
BABAK KA DUA.
ADEGAN 1.
PADALEMAN SABIL
Kuring
ayeuna geus jadi eusi padaleman. Osok nanya ka sorangan, naha enya ieuh aing
téh atawa ukur impian? Lamun enya, naha ieu téh matak bagja, atawa matak
sangsara? Jawabna duka téh teuing, da kapan rasa gé baluas kénéh. Mun meunang
milih pangabetah, nya betah gé di Cikembar. Padaleman téh teuing ku raresik,
puguh beunang ngahaja ngabebetah, disurupkeun kana semuna pangagung. Tapi
karasana ku aing mah bet matak pikakeueungeun. Cacakan aing ukur cicing di
pungkur, bet karasa geueumanana, sakapeung sok maruringkak bulu punduk, keueung
sieun papanggih jeung jin.
Kakara
sapoé aing di dieu, karasa teu betah, karasa kesel. Enya da meureun aing mah
manuk giras, saba leuweung, teu betah dikungkung di jero kurung, najan dina
kurung emas, pamelaran para ménak. Tapi naha aing ayeuna pantes kénéh miéling
nu lain-lain, kapan ayeuna mah aing téh geus jadi eusi padaleman, kapan Apun
Gencay kembang Cikembar téh ayeuna mah geus aya nu metik, sarta anu metikna
lain jalma samanéa, tapi Kangjeng Dalem pisan.
Pasosoré
bet nampi pisalin sababaraha pangadeg. Kakara nénjo, kutan anu kieu batik
sembagi jeung léréng limar téh. Aing dilaladénan dikawulaan ku Indung Rompés,
anéh bet asa ka indung. Éta meureun asa dibaturan keueung, tur sakitu
ngalelemuna. Nya Indung Rompés anu mapatahan kumaha pasang peta anu pantes di
mana aing kasumpingan ku dalem.
ADEGAN 2.
SILALATU AMIS MATA
Bari
ngomé buuk, Indung Rompés henteu eureun cacarita. Pagar aing geulis, pantes
cenah Kangjeng Dalem kasengsrem. Euleuh, Radén Ayu Batuwangi, bet kagungan
batur geulis. Ngadéngé anu hayoh ngalelemu, haté téh bet kawas nu rék robah.
Najan asa ngimpi, percaya teu percaya, horéng ayeuna mah aing téh cék cohagna
mah geus boga salaki, najan aing kasebutna ukur selir. Manahoréng aing téh
deuih boga maru, kitu mun ku kecap nu lumbrah, nya buktina garwa padmi, nu
jenenganana disebut ku Indung Rompés.
Indung
Rompés henteu seubeuh-seubeuh muji, aduh anaking aya ku gamuleng kieu, salira
téh ku langkoyang, nu kieu mah salira karesep ménak. Ieuh raksukan ulah sina
kitu, tah sina rada kendor lebah dinyana, keun baé ulah disumput-sumput, da
ayeuna mah bagéan anu kagungan. Euleuh, kutan aya pakulitan anu sakieu enay
konéngna, teu nyana di Cikembar aya béntang. Étah rambut mani ampir ngagapuy
kana lampit. Euh, ana kieu mah kangjeng matak kasiangan gugah.
Bet
ka Indung Rompés téh gancang conggah, maké wani nanyakeun Radén Ayu sagala. Éta
téh Nyimas, bilih palay uninga, kawitna putri ti Batuwangi, putra ménak ti
wewengkon Sukapura. Kapan kangjeng teu kersa garwaan baé, réa istri anu
kanyenyerian ditampik, da kapan ieuh, kangjeng téh kawentar kasép kongas ka
mancanagara. Kersa-kersa garwaan nya ka nu geulis ménak ti Batuwangi. Matak
Nyimas mah bagja béh ditueun bagja, dipikapalay ku ménak nya agung nya kasép,
tur dijieun maru ku anu geulis.
Leuleuy
tapi pasti, bet dina haté téh aya kapanasaran, hayang némbongkeun di
kageulisan, enya sotéh ti Cikembar, ari mungguh kageulisan mah tacan puguh kudu
sisip. Buktina kapan kangjeng mikapalay, padahal garwa kirang kumaha. HĂ©lok,
dina haté maké dibéréan jorojoy kitu.
ADEGAN 3. NANYA CINTA NANYA RAGA NANYA SUKSMA
Naha
aing geus poho ka urang Cipamingkis? Henteu poho mah, malah mindeng
kokolébatan. Tapi cék ingetan arék kumaha deui, sakumaha aing adug-lajerna gé
da hamo aya hasilna, rék kumaha bisana magak keresa ménak. Lamun tadi mah ayana
di padaleman téh asa ngimpi, ayeuna mah tibalik, lalampahan anu geus kaliwat anu
asa dina pangimpian téh. Meureun haté téh peruh, kaleumpeuh ku panglelemu
Indung Rompés, salin jinis kasangling ku dangiang padaleman. Aing geus aya di
dieu. Nyimas Gencay geus jadi pangeus pungkur, taya deui anu leuwih hadé iwal
ti ngabuktikeun yén mémang geus sapantesna.
Gamparan,
kawitna mah abdi dalem inggis batan maut hinis kasumpingan ku gamparan. Dina
wengian gamparan sumping, abdi andéprok di handap, teu kiat ngaraos ajrih. Teu
wantun ningal pameunteu, sieun matak katulah. Nanging gamparan aris naker, iasa
meuli-meuli haté. Abdi dalem anu nuju andéprok téh disambat, leungeun abdi
dalem dibedol, sok sanajan abdi keukeuh merod gé.
Bet
gamparan téh mangkon, atuh piraku. Énggal abdi dalem ngoléséd, asa teu
wararantun teuing. Kantenan abdi dalem téh reuwas, inggis gamparan bendu.
Nanging geuning gamparan angger nyaur ku soanten anu pinuh ku kadeudeuh, nyebat
ngaran abdi dalem, Gencay, Gencay, naha teu sono ka kami?
Atuh
gamparan, piraku abdi dalem wantun mikasono, asa alalajrih teuing. Abdi dalem
mah seja ngabakti, sumangga kumambang kana pangersakeun.
ADEGAN 4.
PADUNGDENGAN PADUNGDUNGAN AWEWE LALAKI
Gamparan,
saparantos gamparan sering pisan sumping, rasa kainggis téh lami-lami mah
ngirangan. Haté abdi dalem ogé robih, bet asa wantun miconggah. Malih lami-lami
mah abdi dalem téh wantun ngangken salaki ka gamparan. Kaémut, upami gamparan
kulem di pajuaran, disarengan ku abdi dalem, gamparan téh hiji pameget, anu
parantos nguculkeun panganggo kabopatian. Hubungan gamparan sareng abdi dalem
di dinya mah éstu hubungan lalaki sareng awéwé, sanés antawis Kangjeng Dalem
sareng abdina. Buktosna mah sanés abdo dalem baé anu kedah ngabakti, gamparan
ogé nya kitu. Sagala rupi pasang peta sasanglingan, kapan harita mah teu
dianggo. Anu ngageubra di pajuaran, sanés sanésingning Dalem Wiratanudatar
sareng abdina anu wastana pun Gencay, nanging dua mahluk tuna anu
silihpikabutuh.
Gamparan,
tengah wengi abdi dalem rajeun nyileuk, gamparan mah kapan mani tibra. Naha
dina haté abdi dalem téh sok aya émutan, manahoréng seuhseuhanana mah taya
bédana antara ménak sareng kuring. Anu bénten téh mung rupi papancén sareng
kawajibanana. Papancén para ménak nya éta ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, jadi
geusan pangauban tempat ngiuhan abdi-abdi nu kapanasan. Kanggo ngajalankeun Ă©ta
papancén, para ménak sasat dipaparin hak anu mangrupi kakawasaan, kamulyaan,
anu bénten ti nu lian. Hak-hak anu janten cepenganana, sangkan papancén anu
janten tanggel jawabna tiasa dijalankeun.
Nanging
gamparan, ku Ă©mutan abdi dalem aya deui hak anu teu tiasa digentos ku sasaha.
Hal ieu sok janten Ă©mutan, saupami gamparan nuju moho mikasono ka abdi dalem.
Boh gamparan boh abdi dalem dina nuju kitu mah bet satata, papada mahluk anu
silihasih papada gaduh kanimatan, anu teu tiasa maksa atanapi dipaksa.
Gamparan,
abdi dalem sapanjang sasarengan dina pajuaran, haté dipasihan terbuka. Abdi
dalem bet resep ngémut kana anu tadina mah pimanaeun katepi ku pikir abdi. Abdi
bet kabongroy ngémutan hal éta, hijipagawéan anu tangtosna gé kirang merenah.
Abdi dalem moal wantun ngunjukkeun hal ieu ka gamparan. Nanging mugi-mugi baé
upami gamparan ngersakeun sumping, sing dipaparinan jorojoy dina manah, rasa
papada kaula. Mugi-mugi upami gamparan lugay ti pajuaran ngantunkeun abdi
dalem, jorojoy manah kitu téh sing kacandak ka pamengkang, sumurup ka para
ménak anu aya dina aub payung gamparan, dugi ka dina ngaheuyeuk dayeuh ngolah
nagara téh teu tinggal ti rasa papada kaula.
Upami
rupi sareng badan abdi dalem matak janten karasmian ka gamparan, abdi iklas,
sok asal abdi téh janten minangka pangéling-ngéling kanggo gamparan, yén
manahoréng di antawis papada manusa, aya rasa anu sami, boh kagenah boh
katugenah. Éta minangka ajén hirup abdi dalem, ajén selir gamparan anu wasta
pun Gencay urang Cikembar, anu ku margi tumut kana pangersa gamparan, werateun
pegat sareng lalaki anu dipikaabot ku manéhna.
Nuju
tibra kulem téh gamparan osok nyah gugah, lajeng gamparan ngarangkul bangun teu
kinten tresnana. Osok panasaran, naha aya béntenna katresna gamparan ka garwa,
nya éta ka ménak terah Batuwangi, sareng ka selir gamparan, pun Gencay urang
Cikembar. Gamparan mah boa teu nolih kana kapanasaran haté abdi dalem, da
geuning kalah ngarungrum.
BABAK KA TILU
ADEGAN 1. LAYON AGUNG, LAYON AGEUNG
Kakara
aing rék ngarasa betah cicing di padaleman, ngalemah kumawula masrahkeun raga,
bet kajadian nu matak tagiwur, lain baé keur diri aing, ieu mah keur saeusining
nagri. Tur hal anu matak guyur téh patali jeung diri aing pisan. Naha aing téh
bet jadi bibit panyakit, matak eundeur sadadayeuh, matak guyur sa-Cianjur.
Wirang teuing, Apun Gencay urang Cikembar, kasurak jadi awéwé anu matak sangar
ka nagara. Naha enya awak aing anu matak jadi gugujrudan téh? Kapan aing mah
darma wawayangan, piraku maké ngagujrudjeun sagala rupa.
Aing
numpi, nulakan manéh di dieu. Layon Kangjeng Dalem nuju dirariung pada
narangisan. Kapan tadi, wanci haneut moyan, pangaulaan geus mulih ka
kalanggengan. Lambungna ti palih kiwa tatu, aduh tobat teuing. Aing ampir
kapiuhan, nénjo getih beureum lalambaran. Peuting ieu téh malem Jumaah pisan,
peuting anu asa tungkeb bumi alam.
Anu
ceurik mani éar di mana-mana. Saha anu rék teu sedih. Radén Ayu tepi ka ayeuna
can Ă©mut-Ă©mut. Aing najan kasebutna selir, lebah kasedih mah moal kurang ti anu
kasebut garwa padmi, da kapan tunggal manusa, sarua pada boga rasa. Tapi aing
mah leuwih-leuwih, sabab lian kudu nanggung kasedih dikantun ku pangaulaan anu
sakitu mikaasih ka aing, aing mah kudu nandangan wiwirang, kasurak jadi awéwé
sangar, jadi jalan kagujrudan. Aing ti mimiti ayeuna baris kateumbleuhan
kaceuceub. Sedih gé aing mah dijarebian, da meureun cenah nya aing anu jadi
lantaran pangaulaan tiwas.
Paingan
peuting kamari aing béda rasa. Pangaulaan harita sumping, neuteup salila-lila
ka aing, tapi teu sasauran sakemék. Ujug nyaketan, hég ngusapan buuk. Aing geus
apal, di mana pangaulaan ngusapan buuk, anjeunna osok terus ngarungrum. Harita
gé kitu, tapi anjeunna teras jengkar, henteu lila jeung aing.
Ari
tadi isuk-isuk guyur, pangaulaan rubuh di pamengkang, salira boborot getih. Teu
lila kadéngé anu dogdag, manahoréng aya nu ragot galungan. Cenah pangaulaan
nuju calik nyalira di pamengkang, jol aya anu ngadeuheusan. Barang pangaulaan
ngasrogkeun panangan nampi anu munjungan, kuciwek bles lebah manahna.
Pangaulaan rubuh taya nu ngahalangan, nu aya harita Mas Pura anu jadi mantri
jero, anggur olohok kasima. Barang pangaulaan sasauran, kakara anjeunna
ngoréjat ngudag nu rék lumpat ti pamengkang. Ti dinya kadéngé sora bedug
ditabeuh dititirkeun, Ă©stu matak nambahan ketir.
Anu
careurik masih kénéh éar, nangisan pangaulaan, cara aing anu teu saat-saat
cimata. Tapi cimata aing mah merebey keur dua jalma, dua jalma anu sarua
dipikatineung ku aing. Haté aing tunggara, beurat ku kasedih, tapi kasedih aing
mah beresih tina kaceuceub. Kasedih nu lian mah kacampuran ku kageuleuh ka anu
geus nelasan pangaulaan, ari aing mah wungkul sedih prihatin, anu matak pantes
leuwih nyeceb kana ati, palangsiang moal kuat nandanganana.
Aing
téh komo baé sedih kingkin ditilar ku pangaulaan, anu sasatna geus saraga-sanyawa.
Kapan pangaulaan téh sakitu tresnana ka aing. kapan aing téh sakitu
disenangkeunana, sok sanajan aing kasebut ngan saukur selir. Lebah katresna mah
ceuk pangrasa aing, pangaulaan téh tara nyapirakeun aing, aing tara ngarasa
dibéda-béda.
Pangaulaan
téh sakitu wedi asihna, pantes mun sanagara pada ngarasa tunggara, jeung pantes
mun jalma sanagara pada ceuceub pada geuleuh ka jalma anu geus nelasan
mantenna. Ngan aing anu teu ceuceub téh, boh anu ditelasan, boh anu nelasan,
duanana ogé jalma anu ku aing dipikatineung, jalma anu ku aing dipikacinta
dunya ahérat. Aya ku teungteuingeun nasib, jalma anu ku aing didama-dama bet
kudu silih arah pati.
(Padaleman:
True Love Never Dies)
Akang,
wayah kumaha indit ti Cipamingkis? Janari meureun nya, Akang. Hampura abdi,
kapan Akang tepi ka luluasan téh lantaran Apun. Kacapangan Akang, hampelas
raraga jati, bet tinekanan. Akang téh geus iklas raga reujeung pati, indit ti
Cipamingkis seja labuh pati di Cianjur.
Akang,
wayahna disarebut bangsat durjana, da puguh lahirna mah kitu. Tapi abdi mah teu
boga anggapan kitu. Najan Apun can apal kana raga Akang, tapi kana eusining
batin Akang mah Apun geus terang lilinggeranana. Akang téh piraku teu peurih,
sabab ditaragal dipegatkeun duriat. Kapeurih kitu mah hamo aya piubareunana.
Mun téa mah Akang napsu, éta geus sapantesna pisan, teu kitu mah lain gé
manusa, ieu deui lalaki kawas Akang. Apun gé terang Akang mah tara nyerah
atah-atah, tapi teu nyangka sugan téh moal tepi ka kituna, sugan téh hampelas
raraga jati ukur keur sisindiran, moal ditebus ku pati.
Akang,
naha datang ka padaleman téh kajurung ku napsu wungkul? Tadina mah abdi inggis,
bisi Akang tuluy ngalajur napsu. Tapi abdi percaya, Akang téh lain kajurung ku
napsu wungkul. Sabab napsu wungkul mah moal mahi keur ngajurung patékadan
saperti anu geus dijalankeun ku Akang. Abdi terang, sapapadaning kaburu napsu,
sajeroning nyeri peurih, Akang téh sasat nirakatan manéh. Nyebutkeun kitu, da
abdi sorangan gé kapan kitu. Sajeroning di padaleman téh abdi nirakatan badan sorangan.
Akang, kawasna dina sajeroning nirakatan awak sorangan téh, urang tepi ka
tempat anu sarua, nya Ă©ta ka lebah rasa
papada kaula, rasa anu jadi ciri wanci manusa, anu gelar dina lugina. Nya
rasa Ă©ta meureun anu beunang ku Akang. Anu matak, waktu Akang indit ti
Cipamingkis, lunta ngajugjug Cianjur, kawasna haté Akang téh teger, sabab
lumampah lain ngan kabawa ku gederna napsu wungkul. Waktu Akang nelasan
pangaulaan ku condré, meureun maksud Akang mah nebus rasa tadi téa, sanajan ari
lahirna mah Akang téh ngarebut pati batur. Meureun ceuk Akang éta mah dalah
dikumaha, da taya deui piliheun.
Akang, jasad
Akang téh ancur lebur pada newekan, pada ngahanca dikaradékan, tepi ka ngahiji
jeung taneuh tempat Akang rubuh. Sakali gelar ka alam dunya, banusan
Akang mah teu pareng boga kuburan. Éta waé tangkal asem sisi alun-alun minangka
tutunggulna, sugan teu kaburu rungkad.
Akang
muga-muga dihampura dosa, sarta diauhkeun tina siksa. Muga-muga di kalanggengan
Akang pareng tepung jeung pangaulaan pada aya dina kanimatan. Di dinya mah pada
satata, moal aya panta-panta, kajaba ku iman jeung amalna masing-masing. Sarta
tarepungna di dinya mah geus leupas tina pasendatan. ( !!! alam kalanggengan )
ADEGAN 2. TRANSFORMASI PERENIALIS
Aranjeunna
mah geus puguh lalakonna, di dunya mah geus punah geus lekasan. Tinggal aing
sorangan. Naha masih kénéh aya anu kudu dirandapan ku aing? Naon deui? Sabab,
ayeuna mah aing geus teu boga kapanasaran nanaon, geus taya dagoaneun. Naha
pantes jalma anu geus kaleungitan udagan masih kumelendang di pawenangan? Atawa
naha aya udagan anyar burueun aing? Naha aya kénéh sambungan lalakon aing,
sanggeus tamat anu ieu? Naha lalakon saterusna téh ukur dieusian ku
kaprihatinan?
Peuting
ieu téh peuting anu matak tagiwur. Tah, kadéngé sora anu keur ngaraji bari
nuguran layon, matak nambahan kelar. Aing sorangan keur tagiwur bégalan rasa.
Ampir tétér, ampir kasoran. Tungtungna mah aing kumambang di sagara rumasa.
Hayang teuing pinanggih jeung harepan sajati, anu tan kenang muguran. Éta mah
mung aya di Anjeun, duh Gusti!
*Bandung, 15 Januari 1973/Idul
Adha 1392 H